Duriat Madinah (Lyrick Lagu Doel Sumbang)

Duriat Madinah
Waktu urang patepung deudeuh
Layung koneng mayungan masjid nabawi
Dikersakeun bada maghrib urang wanoh
Nu jadi saksina madinah al munnawaroh

Ku kersaning nu maha suci
Pa amprok di dinana tawaf jeung sa’i
Teu ras pada mengtangtu kadi multajam
Mihareup duaan deukeut silih pikaheman

Duriat Ka ajeun jeung ka tanah suci
Duriat nu gumuruh dina ati
Duriat ka anjeun jeung ka tanah suci
Duriat nu ngaguruh dina ati

Rukun yamman hajar aswad
Hijir ismail jeung anjeun
Ngawakun rasa kasono moal bosen moal poho
Geuning aya ridho gusti
Ayeuna urang ngajadi
Hoyongna patilas deui jaga mun ibadah haji

0 komentar:

Post a Comment