Si Eteh (Lyrick Lagu Doel Sumbang)

Si Eteh
Nyaho asep boga imah
Si eteh mani someah
Nyaho asep boga mobil
Si eteh mani murintil

Nyaho asep loba duit
Si eteh mani murilit
Nyaho asep kandel loket
Si eteh ngadadak masket

Unggal usik. ... mere dada
Mere pingping. ...
Yeah da goreng hayam

Nyaho asep ngalego imah
Si eteh mimiti robah
Nyaho asep ngalego mobil
Si eteh mimiti labil
Nyaho asep hese duit
Si eteh hampir ngaleungit
Nyaho asep ipis loket
Si eteh ngabecir mampret

Eteh cicing. ... eteh ngacir
Eteh lumpat. ...
Ti buburanjat

Awewe-awewe
Materialistis
Na naon bedana jeung jurig turis. ...
Awewe-awewe
Materialistis
Na naon bedana jeung kiciwis

Di kota gede memang kudana
Awewe silung model si eteh
Di kota gede cinta di obral
Obral murah
Siga ember siga jolang
Siga sarung jeung kopeah
Sendal capit jeung tarumpah

Eh aya ku enteng
Eh aya ku murah
Eh aya ku hina
Nista kabina-bina

Nyaho asep boga imah
Si eteh mani someah
Nyaho asep boga mobil
Si eteh mani murintil

Nyaho asep loba duit
Si eteh mani murilit
Nyaho asep kandel loket
Si eteh ngadadak masket

Unggal usik. ... mere dada
Mere pingping. ...
Yeah da hayam goreng

Nyaho asep ngalego imah
Si eteh mimiti robah
Nyaho asep ngalego mobil
Si eteh mimiti labil
Nyaho asep hese duit
Si eteh hampir ngaleungit
Nyaho asep ipis loket
Si eteh ngabecir mampret

Eteh cicing. ... eteh ngacir
Eteh lumpat. ...
Ti buburanjat

Awewe-awewe
Materialistis
Na naon bedana jeung jurig turis. ...
Awewe-awewe
Materialistis
Na naon bedana jeung kiciwis

Di kota gede memang kudana
Awewe silung model si eteh
Di kota gede cinta di obral
Obral murah
Siga ember siga jolang
Siga sarung jeung kopeah
Sendal capit jeung tarumpah

Eh aya ku enteng
Eh aya ku murah
Eh aya ku hina
Nista kabina-bina

0 komentar:

Post a Comment