Mang Darman (Lyrick Lagu Doel Sumbang)

Mang Darman
Mang darman urang sadang serang
Geus 7 taun dagang jeruk di tanggung
Teu tangtu dimana mangkalna
Nu penting mah asal rame wae tempatna

Lamun kudu nyaritamah, nya tangtu cape
Nanggung jeruk unggal poe, indit isuk balik sore
Bari bati teu sapira, ngan nya kudu dikumaha..
Da sakitu kanyataanana..

Komo deui mang darman teh boga anak
Nu masih di SD keneh
Kaperluana teh loba kacida
Da geuning ayeunamah sakola teh sagala duit… waduk

Ongkoh wajib belajar
Nya wajib mah tinggal wajib
Tapi ari keur nu sangsara mah angger weh sesek napas..
Kungsi hiji waktu budakna mang darman
teu menang asup sakola
Kulantaran 3bulan can mayar SPP
…mang darman bati ngahelas
Da rek dikumaha deui , puguh hirup ngan sakitu-kituna

Komo pan dagang jeruk mah teu tangtu..
Hayang beak satanggungan teh
Bisa sapoe… bisa sabulan

Nya ku sabab euweh deui jalan, kapaksa mang darman nginjem
Ngijemna kasaha deui mun lain ka tukang renten
Da geus puguh ari tatangganamah sarua wae
Imah nu sagede kandang monyet teh suratna di borehkeun
Nya tong reuwas lamun waktu malikeun leuwihna ditangtukeun sakitu persen na
Da geus puguh ari tukang renten mah ti baheula oge leuwih edan batan ucing garong
…leuwih edan batan ucing garong

Karunya teuing mang darman
Eukermah hirup ka pencet, aya nu nambah ngagencet
(…Uyuhan teu pejet oge)

Ti saprak loba hutang ,mang darman leuwih getol dagangna
Unggal poe udar-ider, susuganan jeruk beak
Aya bati rada leuwih, rek di pake nyicil hutang

Dasar jalma mun keur sial, sagala ge matak oah..
Keur nagog di hiji jalan, jeruk acan payu-payu acan
Kurunyung rombongan tibum… Mang darman katewak
tuluy tanggunganana di angkut kana truk

mang darman bati gogodeg
basa nampa kaputusan yen tanggungan jeng jerukna kudu di tebus sakitueun ..(weureu)
4poe ti harita mang darman niat rek nebus
da kabeneran aya keneh duit sesa panginjeuman ti ucing garong tea
Sing horeng gening, sing horeng ngan tinggal tanggunganana
Jerukna teuing kamana, duka di legleug ku saha

Hmm.. mang darman tong kaget
Hirup mah heuheuy jeung deudeuh
Mun keur seuri cape seuri
Mun keur ceurik cape ceurik

Hmm.. mang darman tong kaget
Hirup mah heuheuy jeung deudeuh
Mun keur seuri cape seuri
Mun keur ceurik cape ceurik

Tong kaget mang darman
Bangsa urang mah rea nu aneh
Ka handap ngagalaksak.. Ka luhur leletak

Tong pipilueun urang mah mang darman
Bae da dodojamah , biasa
Ceuk kolot-kolot urang tea mah
Hirup pinuh dodoja teh lir ibarat leumpang dinu nanjak
Engke mun geus ka puncak, sok manggih pamandangan endah
…..Sugan weh atuh mang darman

Surat imah sugan weh ka tebus deui
Tanggungan mah nya tarimakeun weh mang darman
Da loba pisan jelema beuki jeruk teh

Tibum ge meureun beukieun kana jeruk mah.. da jelema eta oge
Atuh sugan isuk pageto, hirup urang jadi ca’ang deui mang darman
Da urang mah ukur ikhtiar, hasil henteunamah urang sanggakeun weh kanu Kagungan

Sing sabar mang darman
Tong jadi dendam…
Tong jadi kiruh hate… bisi hirup beuki hese
Tong jadi kiruh hate… bisi hirup beuki hese

0 komentar:

Post a Comment