Awewe Sapi Daging (Lyrick Lagu Doel Sumbang)

Awewe Sapi Daging
Sanes atuh ibu
Seterang abi mah sanes kitu
kedah tiasa ngabentenkeun
Mana emansipasi
Numana emansisapi
Pamina model kiemah emansisapi
Aya awewe jaman ayeuna
Ngaku awewe modern
Berkarier penuh obsesi
Sagala hayang siga lalaki

Ceunah emansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis beurang peuting
Bisnis naon duka teh teuing

Salakina di imah ngajaga tulak panto
Anakna diasuh cukup ku suster jeung babu

Hayang mobil mewah ngabelaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki ceunah mah duitna teu cukup kuat

Emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak

Awewe nu kieu lain awewe modern
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut emansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad
Kahade teh..
Emansipasi teh persamaan hak laki-laki dengan perempuan
Tapi ngan postip-positipnya saja
Ari nugoreng mah mun entong atuh
Daripada ngalawan kodrat hirup teh atuh euy..

0 komentar:

Post a Comment